Sukur


Srangéngé surup semu nu capé méakkeun poé rék réngsé. 
Layung hurung mubyar ngahibaran méga-méga. 
Sagala pangalaman karandapan, 
sadrah kana sagala paparinan Pangéran. 
Hirup ngan kari nyacapkeun sukur, 
mun seug kabéh kawajiban karasa geus kacumponan.