Lagu Kaleon

Pupuh Asmarandana

Ngahariring sotéh peurih,
Ngahaleuang lain bungah,
Jéngkél kéder ku papastén,
Teu aya euih-euihna,
Siga nu pupuasan
Dunungan naha bet kitu,
Sulaya tina subaya.

Gering pikir beurang peuting,
Ari ras kadar awak,
Sihoréng ari papastén
Teu kénging diirodatan,
Nyorang kieu rasana,
Asa jauh nu dilamun,
Kagambar dina ciptaan.

Ti peuting teu ngeunah cicing,
Ti beurang sungkan lumampah,
Henteu beunang dipapalér,
Inget baé ka nu anggang,
Anggang sotéh sawangan,
Nu puguh mah henteu jauh,
Sumarambah dina badan.