Wahyu Wibisana
Kuring peucang
bulu kondang
Kuring peucang
suku congklang
Saba pasir jeung
bubulak
Lain sato galak
Sakadang Peucang
kuring ieu
nu mindeng lumpat
peuting dina dongeng
di Jawa jeung di
Sumatra
Cenah, lain
cekeng
kuring teh leutik
leutik-leutik
ngagalatik
taraluk nu boga
kuku
taraak nu boga
cakar
pareruh nu boga
peurah
teu metu nu boga
sihung
teu meta nu boga
sima
kunaon?
Ku akal jeung
ekol kuring, ehem!
Basa diudag maung
bulan Jumadillahir
memang kuring
lumpat, lain gimir
hayang nyaho
ketak si belang
hayang nyaho
hah-heh-hohna
hayang nyaho
leklok tuurna
hayang nyaho
ngucur bangusna
hayang nyaho
pasiksak awakna
linu sukuna
ngoprot kesangna
keun!
Ngajaul tina
dungus maung
rek nekuk punduk
gancang kuring
nyingcet ku gaya pamacan
het ah!
Manehna katembong
bengong
pedah kuring
metakeun gaya manehna
meureun asa
dilelewean
Ti mana kuring
diajar pamacan?
Apan ti Gan Obing
anu kawentar
jago urang
Cianjur
Percaya dulur?
Percaya bae lah,
percaya
Negarkeun maneh
kuring ka lebak
maung terus
ngudag-ngudag
gagauran si
coreleng
leuweung mani
saheng
Waktu geus meh
nyusul
si maung ngaluarkeun
kuku
gancang ngagiwar
kuring ka katuhu
bari nembongkeun
ibing pamonyet
heup ah!
Mata maung mata
simeuteun
helokeun, heuheuh
pedah kuring bisa
metakeun lakuna kunyuk
ngarenyohan
nguak-ngiuk
uk, uk, uk, uk
Ti mana kuring
diajar penca pamonyet
Apan ti Bah Kahir
nu ngelehkeun tukang kungfu
jawara ti Cianjur
Percaya bae lah,
dulur!
Piraku kuring
bohong gedebul
Manehna kaget
kuring mangpret
ka landeuh terus
ka landeuh
ku maung henteu
kaudag
Tapi, dasar keur
dicoba
nepi ka mana
kapinteran kuring
bet jol ka
walungan
nu pinuh ku
bahaya bayangan
Geus nyaraho
tuluyna dongeng ieu?
Enggeus, lain?
Enya, opat puluh
buhaya nu rek nyapluk
beres ngabaris
nepi ka peuntas
teu beda ti sasak
catang
Ce, hiji
Ce, dua
Ce, tilu
Ce, ce, ce
Tilu puluh
dalapan, tilu puluh salapan
ka opat puluhna
kuring ngagajleng ka darat
bari ngabarakatak
jeung surak
ha, ha, ha, ha,
ha,
Ari ret ka
peuntas itu
Katembong maung
tigejebur
disasaak buhaya
opat puluh
hag siah, ha, ha,
ha, ha,
Leupas tina balai
kuring
ngahenang-ngahening
leumpang bari
ngahariring
dang durirang
dang duraring
angin pasir milu
ngawih
ngawihna lagu
goletrak
disenggakan ku
jalak ‘na tangkal putat
dialokan ku
londok dina tangkal gadog
hek-hok-hek-hok,
heuah!
Kaluar tina
bahaya
kuring
ngahenang-ngahening
leumpang bari
reureundeukkan
bang-dung
bang-pak
pak-dung-ding-keung
pucuk awi milu
ngibing
ngalung sampur ibing
tayub
gilek linggek
jaipongan
dipairan ku
patani
ngarengkenek bari
seuri
Cape ngawih cape
ngibing
Ulak-ilik
sakuriling
Lakadalah kebon
bonteng
Harejo ngeunah
cetrokeun
Saleger ngeunah
gareseun
Menta dua menta
tilu, nya Patani!
Patani igel-igelan
jiga keupat
ngagupayan
ku kuring heg
disampeurkeun
bari hormat uluk
salam
manehna henteu
nembalan
Patani
igel-igelan
jiga nyawang
ngabaeukeun
beuki deukeut
disampeurkeun
rek menta bonteng
nu ngora
manehna tetep teu
nyora
Keuheul kuring
keuheul
Kurang kumaha
kuring someah
kurang kumaha
kuring ngajalankeun
tatakrama dina
nyemah
ari manehna
bet teu mirosea
kalah ka maceuh
terus ngalagu
bareng jeung
gelebugna angin gede
Teu antaparah
deui
disepak ku kuring
sakali
manehna rek newak
suku
rek leumpang
kuring bru nambru
alaieung!
Ambek kuring
harita
disepak deui ku
suku kenca
patani newakna
gancang
kuring teu bisa
leumpang
aduh-aduh!
Leugeut euy
leugeut
leugeutna leugeut
si teureup
patani jiga
bebegig
bebegig jiga
patani
kuring taluk,
ampun!
Kuring peucang
bulu kondang
kuring peucang
suku congklang
suku dileugeut ku
saha
ku patani
Kuring peucang
bulu kondang
kuring peucang
suku congklang
congklangna geus
kabakutet
ku leugeut dina
bebegig
nu dipasang ku
patani
Sakadang peucang
hebat
Sakadang peucang
jaya
kitu cek dongeng
urang Sunda
tapi ku jelema
kuring dileugeut
dongeng tamat
saayeuna
tuluyna kuma
jelema
Kumaha tuluyna?
Tjiawaking,
040488