Papatah Abah ka Sinatria Danalaga

Anaking..
Lamun jaga anjeun jadi tangkal gede,
Sing jadi tangkal anu bisa jang ngiuhan anu kapanasan
Tapi lamun anjeun teu bisa jadi tangkal gede,
Jadi weh rungkun anu bisa hirup dimana wae
Lamun anjeun teu bisa jadi rungkun,
Jadi weh jukut anu hejo ngeplak matak endah anu ningalina
Tapi lamun anjeun teu bisa jadi jukut
Jadi weh anjeun jalan satapak di tengah leuweung
Tapi jalan satapak anu bakal nungtun jelema ka sirah cai