Langlayangan

Pupuh Sinom

Juringkang di awang-awang
gilisir mipir wiati
langlayangan kumalayang
mipir-mipir indung peuting
cingeus cingceung teu cicing
mayung nembus uwung-uwung
kumoléang kumoléntang
geus luhur ka handap deui
leuleus lungsé taya tangan pangawasa.

Napakuran langlayangan
nu mayung kabawa angin
jiga hirup ku sorangan
adi luhung ieu aing
sepi nu nyisikudi
suwung nu ngaharu biru
ngalayang di jomantara
bet ras inget kana diri
di dunya téh padahal ukur ngumbara.

Mana geusan pamuntangan
mun hirup kabawa angin
boga naon pananggeuhan
mun ngapung geus pegat tali
diri kaluli-luli
da bongan bodo balilu
boga rasa gagah rongkah
sakti manggulang-mangguling
tali pegat kumoléang kumoléntang.

Rarancang ditali bandang
tali timba nimbang diri
ulah rék beurat sabeulah
pacuan rék kaping teuing
beurat teuing ku lahir
poho yén bakal dikubur
tali ka purwa daksina
mo ngapung mun euweuh angin
bakal murag henteu daya teu upaya.

(Manglé No. 1061, 18 Séptember 1986)