Lagu Kahook

Nita Widiati Efsa

Saur saha abdi kasmaran ku anjeun? Pan sakitu atrana ieu asih tujulna ka saha. Ungkara endah nu sering dilalayangkeun teh, pondok teuing lalampahannana upami mung kacandet caket basisir tempat anjeun kumereb. Hampang teuing ma’nana upami mung disebat tembang asih anu teu ngajadi. Lalampahan eusi hate teh tos meuntasan legana jaladri, mubus nembus sagara mega ngalangkungan guha tempatna srangenge surup. Ngajaul teras ka maniloka. Ngama’naan keclak citangis sareng panas kongkolak teh geuning tiasa disebatkeun epes meer. Nanging walungan salawasna satia nadah kanalangsa jiwa nu lara, warugana manjang ti antawis huluwuton dugi ka muara nu netelakeun natratna asih.

Saur saha abdi kapengpeongan ku anjeun? Tembang katresnan teh pan teu salawasna legit sapertos peueut cipeuyeum, tiasa janten matak muringis kawas peresan jeruk mipis nu diletak ilat atawa dikucurkeun kana raheut nu cekah. Mun tea disebatkeun keukeuh peuteukeuh ku pangharepan asih, pan tujulna oge ka ditu tuh, ka nu teu kateuteup di harigu gunung, ka nu dibulen salendang ibun. Dina hartos, diri satekah polah usaha ngadongkang puncak nu luhur, ngojayan galuraning ombak nu nirilik teras ngagulung. Eta teh taya sanes natapakan lalampahan asih nu saestuna, sanaos henteu kantos karanggeum.

Ah, saur saha abdi kabandang ku anjeun? Sanaos walungan teh tingarileu, seueur anakan, lagu kasajatiannana angger manjang ngadugikeun sajak kanyaah ka sagara. Sanaos taya saseke winih cabe nu metet tur nurus, hirup mah angger seuhah ku leuyana bangbaluh dunya. Kaangger eta oge mangrupa tanda panjangna kaasih ka anjeun, nanging ulah ngaraos asa ieu da tujulna eta asih mah angger ka nu nyakseni diri bari teu kungsi kasaksen ayana. Sanaos mo bakal pakait cingir sareng anjeun, tapi salawasna tangtos aya asih abdi nu dipirilikeun ku Sang Manon ka anjeun.

2012