Sajak Saija Untuk Adinda

Multatuli

Hirup katungkul ku pati,
ajal teu nyaho di mangsa.

Laut Kidul breh kacipta,
sagara kungsi kasaba,
basa jeung bapa keur milir,
nyiuen uyah di basisir

Mun seug kuring manggih ajal,
di tengah sagara ngumpal,
mayit disantokan hiu,
marebutkeun jasad layu.

Kuring mah hamo ngareungeu ….

Hirup katungkul ku pati,
ajal teu nyaho di mangsa,
kuring nyeueung kahuruan,
nu nyundut imah sorangan,
Pa Ansu, nu edan eling,
sabab mundingna dipaling ….

Mun seug kuring teh kaduruk,
ku seuneu tutung sing bubuk,
jalma gehger narulungan,
mayit kuring diteangan.

Kuring mah hamo ngareungeu ….

Hirup katungkul ku pati,
ajal teu nyaho di mangsa,
Si Una ngoleang ragrag,
tina kalapa ngagubrag,
basa ku indung dititah,
ngala buahna sasirah.

Mun seug kuring paeh ragrag,
teu diceungceurikan indung,
da geus diurugan padung,
ngan nu lian jejeritan.

Kuring mah hamo ngareungeu ….

Hirup katungkul ku pati,
ajal teu nyaho di mangsa,
rea batur urang Badur,
nu geus lastari dikubur,
mayitna anu sakujur,
dibungkus ku lawon putih.

Mun kuring paeh di Badur,
dikubur di Pasir Wetan,
Ina nyekar, ka kuburan,
ngawur kembang seuseungitan.
Leumpang alon lalaunan,
semu alum sedih kingkin,
sisi sampingna ngeresek,
kana jukut kembang eurih,
kawas nu harewos peurih ….

Ku kuring tangtu kareungeu.

[Aya dina buku "Saija", Girimukti, 2003]

Dikutip dari blog Reading Multatuli.